Website Berita dan Opini
Indeks
Bahasa  

Dijejeleh Romadhon

 

Ku Dedi Juarsa

Carindakdak panon beueus siga nu enya beurat rek papisah jeung kaula teh. Padahal obrolan hidep ti minggu kamari guligah hayang geura lebaran, hayang gera papisah.

Ti beh ditu keneh geus luhlah humandeuar rek katatamuan kaula teh.

Pangabutuh ngalobaan harga ting terekel, panyakit ngadadak loba nu karasa. Padahal kaula ngahaja datang rebo ku oleh oleh: Mawa Barokah, Rahmat, jeung maghfiroh. Tapi edas ku hidep kalah dilalaworakeun.

Sapopoe ngan hees jeung ngome HP. Kaula mah teu dipalire.

Apanan hidep ge sok keuheul mun nu diajak ngobrol kalah jongjon ngome hp teh. Kitu deui kaula.

Ayeuna hidep leweh bari ngadoa sangkan taun hareup panggih deui jeung Romadlon.

Yeuh… Masing inget. Inni Khalqun Jadiid.. Kaula teh ciptaan Alloh anu anyar. Romadhon kiwari lain Romadhon kamari. Romadhon ayeuna lain romadlon nu bakal datang. Kaula mah ngan panggih dua kali jeung hidep; Ayeuna, jeung engke di yaumil ahir baris jadi saksi laku lampah hidep salila katatamuan kaula.

Naha ku gede hate rek kaumuran nepi ka taun hareup. Padahal dulur, babaturan, sobat jeung tatangga anu leuwih ngora geus leuwih ti heula perlaya di gero ku Nu Maha Kawasa tandaning geus sampurna amalna.

Demi hidep, lain kabeneran hirup jumeneng keneh teh. Lain prestasi pribadi ngajaga pisik ngabina raga.

Estuning Alloh nyaaheun keneh: Aya hutang nu can kabayar. Aya pasini nu can cumpon, aya amal nu can kalaksanakeun. Awak carucukan keneh tumuwuh tina harta haram nu kadahar. Lain kaberesihan malah katambahan. Pagawean dosa kalah beuki betah dipiara. Malah diuyuhankeun bari didalilan.

Cilaka hidep lamun maot ayeuna. Amal hade tacan cukup nambalan kasalahan hidep. Katambah amal hidep ayeuna loba dibacacarkeun dina Medsos. Diaub aub dina Yutub, di gorowokeun dina tiktok, diumumkeun di pesbuk, diberelekeun dina ig, di uwar uwar dina WA.

Baca Juga:  Menyikapi Permasalahan Hidup: Resep 3 IS

Hamo bisa dicatet ku malaikat jadi amal hade pamuka lawang sawarga.

Berkah oleh oleh kaula teu kaasaan, Maghfiroh lolos, Rahmat leupas.

Demi hidep, ti taun ka taun taya robahna. Kitu jeung kitu we. Jajauheun ningkat kana darajat taqwa, kalah dosa betah dipiara. Lapuur umur mang taun taun panggih jeung tamu Agung teh.

Unggal mulang tamu teh kuciwa, jajauheun dimulyakeun, kalah disapirakeun.

Masing ceurik ngabangingik ge angger kaula isuk rek balik. Mawa laporan kalakuan hidep salila katatamuan. Kabeh rek dibejakeun ka Alloh moal disumput salindungkeun.

Saptu 29 Romadlon 1446

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *