Website Berita dan Opini
Indeks

Nyalahkeun Ambulan

Carpon humor Sunda

Nyalahkeun Ambulan
Tangkapan Layar dari medsos

 

Di hiji lembur, aya lalaki nu katelah Si Jegger. Kasohor ku kalakuanana nu bengis, tukang gaplok, jeung sok ngarasa pangkuatna sa-lembur. Mun aya nu wani ngalawan, leungeunna sok leuwih gancang tibatan omonganana.

Hiji waktu, Si Jegger gering. Geus sababaraha poé ngagolér, teu daék dahar, teu daék nginum. Pamajikanana, Nyi Euis, masih kénéh ngarasa teu percaya.

“Ah, moal nanaon. Salaki aing mah kuat. Can kungsi gering salila hirupna!”

Tapi lantaran beuki parna, tungtungna dibawa ka Puskesmas. Jarakna kira-kira 10 kilométer ti imahna. Sanggeus dipariksa, pihak Puskesmas nyarankeun kudu geuwat dirujuk ka rumah sakit.

Kulawarga satuju. Datanglah ambulan ti hiji lembaga sosial. Si Jegger diasupkeun kana ambulan, tuluy dibawa kalayan gancang ka rumah sakit.

Nahas, barang nepi ka rumah sakit, Si Jegger geus teu aya nyawana.

Kulawarga ceurik. Nyi Euis ogé ceurik tarik. Tapi teu lila, ujug-ujug manéhna ngomong bari ambek:

“Ieu mah gara-gara ambulan! Jalanna tarik teuing! Salaki aing nepi ka kagoyang-goyang, neumrag ngajeduk beusi panghalang!”

Sopir ambulan ngarérét, teu percaya kana nu dédéngéanna.

“Naon, Bu? Ngajeduk kana beusi?”

“Enya! Ambulanana tarik teuing!”

Sopir mimiti panas.

“Astagfirullah, Bu! Di jero ambulan téh geus aya ukuran jeung pangamanana. Aya rohangan kénca, katuhu, hareup, tukang. Ieu mah lain kandang hayam, nu sakali kaguncang tuluy silih tindihan!”

Tapi Nyi Euis keukeuh.

“Pokona mah salaki aing tadimah masih hirup!”

Sopir ambulan teu kuat nahan nafsu kapegung.

“Punten, Bu! Urang téh ti lembaga sosial. Nganteurkeun jalma gering téh teu dibayar, teu ménta duit, teu ménta dahar, teu menta bensin teu menta nanaon. Niatna nulungan. Ayeuna geus mantuan, kalah disalahkeun! Lamun nyaho mah mending urang nganteurkeun béja wungkul, teu kudu nganteurkeun ambulan!”

Baca Juga:  Meniti Rel Kehidupan: Konsistensi, Komitmen, dan Kesabaran dalam Menggapai Harapan

Salah saurang baraya nyoba nenangkeun.

“Euis, ulah kitu. Salaki geus gering sababaraha poé, kakara dibawa ka Puskesmas, tuluy dirujuk ka rumah sakit. Urang kudu narima takdir, ulah sagala neumleuhkeun ka batur.”

Ti tukangeun aya aki-aki nu ti tadi ngadéngékeun, ujug-ujug nyeletuk:

“Enya, Euis! Baheula salaki maneh ngarasa pangkuatna di lembur, ayeuna éléh ku panyakit. Ayeuna ambulan nu disalahkeun. Ari panyakitna rék dilaporkeun ka polisi?”

Ngadadak Kabeh nu ngariung seuri, sanajan bari nahan kasedih.

Si aki nuluykeun deui:

“Éta mah pelajaran keur urang kabéh. Ulah ngarasa kuat nepi ka poho yén awak téh bisa reyod. Ulah telat ménta pitulung, tapi nalika hasilna teu luyu jeung kahayang, ulah nyalahkeun nu nulungan.”

Ti kajauhan aya nu nyeletuk deui:

“Lain kitu, Ki. Meureun isukan kudu aya panitia husus pikeun mariksa beusi ambulan!”

Warung jeung buruan rumah sakit langsung pinuh ku seuri.

Si Jegger geus maot, tapi urusan beusi ambulan can tangtu tamat!

Heueuh, hirup téh kadang pikaseurieun. Nu baheula tukang ngagaplok batur, ayeuna kalah ambulan nu digaplok ku tuduhan! 

_Nurdin Qusyaeri

Pasosore di Pakenjeng, 22 November 2026

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *