Nyawang Lalampahan Nu Geus Ka Sorang

 

Ku Noor Wahida Arifin

 

Ku kersaning Alloh nu Maha Suci, ieu seratan ditulis dina waktu anu mulya, kalawan nyebut asma-Na nu Maha Agung.

Lamun nengetan kahirupan baheula, asa teu nyangka sim kuring tiasa ngahontal tempat ieu. Sakapeung mah sok nanya ka diri sorangan: “Kumaha atuh carana abdi tiasa nepi ka dieu, padahal siga nu mustahil?”

Eta pertanyaan sok datang jeung cicing dina hate, kawas kancing nu nempel pageuh kana beubeur. Tapi tangtu, keur Alloh mah sagalana gampang. Cukup ku dawuh “Kun fayakun”, jadi, pasti jadi. Do’a ti hamba nu tulus jeung tetep usaha bakal diijabah ku Anjeunna.

Ti mimiti sakola di MI, terus ka Tsanawiyah, Mua’llimin, sempet eureun sababaraha taun kusabab kudu ngurus barudak jeung ngalaksanakeun kawajiban rumah tangga. Hayang barudak jadi jalma nu Soleh jeung Solehah.

Sagalana dimimitian deui ti pelatihan Tamhidul Muballighot di PD Pameungpeuk Banjaran, tuluy neruskeun kuliah di IAI PERSIS Bandung.

Alhamdulillah, sim kuring kacida reueusna bisa disebut Mahasini – mahasiswa nini-nini. Teu tiasa cukup ku kecap pikeun ngucapkeun rasa nuhun ka para dosen nu parantos sabar ngabimbing jeung ngawanohkeun elmu nu mangpaat.

Mun dipikir-pikir, bédana jauh jeung para dosen – siga langit jeung taneuh. Tapi nyatana, maranehna balageur pisan, lemah lembut jeung ngajenan. Mugia Alloh salawasna ngajaga marantenna. Hatur nuhun oge ka rerencangan sakelas nu guyub, akur, silih pikanyaah jeung silih sumanget. Kelas jadi tempat nu pinuh kahaneutan jeung sumanget diajar.

Sanajan kudu narajang panas jeung hujan, mapay jalan bari naek motor pikeun nepi ka kampus, mugia eta motor janten saksi perjuangan sim kuring di hareupeun Alloh engke. Aamiin.

Baca Juga:  Mercusuar yang Bangkit dari Kegelapan: Sebuah Epik Kebangkitan IAI PERSIS Bandung

Kampusna oge bersih jeung rapih. Masjid ngajengreng, parkiran pinuh ku kendaraan para pencari elmu. Alhamdulillah ya Alloh, mugia Do’a-do’a abdi dikabulkeun, bisa tamat jeung maké eta topi wisuda Mahasini. Mugia elmu nu dipibanda tiasa diamalkeun dina kahirupan sapopoe. Sabab, “Al-ilmu bila ‘amalin ka-syajarotin bila tsamarin” – elmu tanpa amal mah sarua jeung tangkal tanpa buah.

Wallahu a’lam.

*Penulis – KPI B VI

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *