Website Berita dan Opini
Indeks
Cerpen  

Carita Enteh Jeung Kopi anu Pinunjul

Carita Enteh Jeung Kopi anu pinunjul
Dok. Siti Mustiani Ningalikeun kebon Enteh anu kacita hejo ngemplokna.

 

Carita Entéh jeung Kopi Nu Pinunjul

 

Hiji peuting di hiji kota leutik di Jawa Barat, aya hiji direktur salah sahiji PTPN entéh nu keur ngobrol jeung buyer ti Jepang. Obrolan téh sagala diraéh, ti urusan bisnis nepi ka obrolan politik, delik, malah kadang-kadang spiritual. Urang Jepang téh siga nu teu puas mun teu neuleuman sagala hal nu nyangkutkeun produk nu rék dibeulina. Teu lila, buyer nanya.

 

“Anu paling istiméwa ti entéh ieu, saenyana lebah mana?”

 

Diréktur éta ngahuleng sakedapan. Teu lila, anjeunna ngawaler kalem, “Saéstuna entéh ieu ogé ilahar waé, henteu beda jauh ti entéh-entéh nu séjén. Tapi, aya hiji hal anu ngajadikeun ieu entéh istiméwa. Pucukna dipetik sabada solat subuh, nalika panonpoé ampir nembongan. Leuwih ti éta, anu metikna ogé heuseus, awéwé nu henteu keur kareseban.”

 

Urang Jepang manggut-manggut. Rarasaan na siga nu kapangaruhan ku carita éta. Pamustunganana, entéh nu biasa dijual 800 rébu sakilo téh laku opat juta. Saurang buyer ti Jepang ngagemparkeun harga entéh kusabab carita di balik tiap pucuk nu dipetikna.

Dok. Glory travel

Tapi teu ngan ukur entéh anu miboga carita pinunjul. Aya deui hiji carita ngeunaan kopi, carita anu teu éléh ngageunjleungkeun.

 

Bobi, nu boga warung kopi leutik di hiji gang, sok ngamajukeun kopi-kopi nu dijualna ka para palangganna. Hiji mangsa, aya urang Singapura nu datang ka warungna jeung ngadéngé carita kopi nu dijual ku Bobi. Anjeunna nanya ngeunaan asal-usul kopi éta.

 

“Eta kopi nu dijual opat juta mah lain kopi biasa,” ceuk Bobi. “Kopi ieu téh hasil karya ti hiji emak nu geus teu aya. Sanggeus si emak tilar dunya, aya tukang kebonna nu nyaritakeun ka anakna yén si emak boga pependeman kopi nu dipelak jeung dipetik ku leungeun sorangan. Kopi éta difermentasi sacara alamiah, dikemas apik ku si emak, unggal bungkusna aya catetan iraha kopi dipetik, bulan jeung taunna kumplit.”

Baca Juga:  Mushola Kinclong Mulai Go Digital — Mak Ju Syuting Setor Hafalan dan Review Pipi Glowing!

 

Anak si emak mutuskeun ngajual kopi éta, jeung Bobi nu jadi salah sahiji nu meulina. Kopi éta diprosés deui, dikemas leutik dina bungkus ukuran dua ons atawa saparapat kilo, tuluy dijual di warung kopi Bobi.

Hiji peuting, aya turis ti Singapura nu balik deui ka warung Bobi. Saacanna, turis éta geus nyobaan kopi nu dijual di dinya jeung kacida ngarasa resepna.

 

“Ada berapa cadangan kopi ini? Boleh saya beli dengan harga 4 juta per kilogramnya?” Turis éta nanya bari nunjukkeun minatna.

 

Bobi semu lebar nolak. Dina haténa, manéhna inget yén kopi éta biasana dijual ngan ukur 56 rébu per bungkus leutik di gang Andu. Tapi, turis ti Singapura éta tetep maksa. Tungtungna, sesa 50 kilo kopi éta dijual ka turis éta. Tapi, Bobi henteu niat rék nganteurkeun duitna ka nu boga kebon.

“Ko, kopi ieu mah geus laku opat juta per kilo,” ceuk Bobi. “Tapi, duitna moal di serahkeun ka engko. Kopi ieu mangrupakeun pependeman si emak, jadi kuring nyésakeun hiji bungkus keur anjeun, sangkan anjeun tiasa ngarasakeun sejarah di balik kopi ieu.”

Dina bungkus kopi éta, aya foto si engko jeung tulisan singkat ngeunaan carita jeung prosés kopi éta. Ningali éta, si engko nu bogana jol ngagukguk ceurik bari nangkeup Bobi.

“Bobi, kamu orang baik,” ceuk si engko.

Duit dua ratus juta hasil jualan kopi téh ahirna henteu dipasrahkeun. Duit éta dipaké keur mayar lahan keur melak kopi di Cicalengka. Sanajan kopi téh geus laku mahal, tapi Bobi tetep yakin yén sajarah jeung kahirupan di balikna leuwih penting ti sekadar duit.

Baca Juga:  Pengorbanan Abadi: Cinta Tak Terbalas, Arif Temukan Makna Hidup dalam Pengabdian

Carita ieu ngajarkeun yén dina unggal produk, boh entéh boh kopi, aya jiwa jeung kahirupan anu ngajadikeun éta barang leuwih berharga ti sekadar hitungan duit. Ieu téh carita ngeunaan kaikhlasan, usaha, jeung nilai sajarah nu ngabeungkeut tiap prosés di balikna. (ANQ)

 

*Eta Carita kenging ti mang Dadan Dania sareng teh Rina Oktaviani.

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *