
Kajadian-na kamari pisan, Ahad 15 November 2026. Nepi ka ayeuna masih mésem-mésem sorangan mun inget eta kajadianteh. Peristiwa etateh lain pilem komedi, ogé lain hasil karangan pelawak. Ieu mah kajadian nyata, dialaman ku kuring sorangan jeung pamajikan.
Caritana dimimitian waktu aya béja ti urut Ketua BEM IAI PERSIS Bandung, Naza, anu rék ngalaksanakeun akad nikah jeung resepsi. Saminggu saméméh poé H, manéhna ngirim béja uleman.
Tangtu waé kuring ngawaler kalayan pinuh ku sumanget.
“Insya Allah, Za. Kuring mah badé sumping.”
Dina pikiran kuring, éta téh jangji anu geus pasti bakal dilaksanakeun. Ngan hanjakalna, éstuning lebeng tina emutan: tanggal hajatna!
Naza jeung Ghaida nikah tanggal 14 November 2026, tempatna di Cimaung nyingcet ka jero. Hiji wewengkon anu mun ti imah mah kawilang jauh, kudu ngaliwatan jalan-jalan pilemburan, jauh ti raména kota.
Ari kuring, estuning poho yén tanggal 14 téh ninggang kana poé Saptu.
Misi Dadakan: Ngudag Uleman
Poé Ahad, tanggal 15 November, sabenerna kuring geus boga rencana rék ngalayad lanceuk ipar anu geus sababara poe katukang gering rada parna. Malahan mun keur iman-na yazidu mah kuring sok ngersakeun nyuprih elmu ka Viaduct PP PERSIS.
Kira-kira jam sapuluh isuk, ujug-ujug inget kana hiji hal.
“Mi… Abah téh poho. Dinten ieu aya uleman kawinan ti mantan Ketua BEM téh!”
Pamajikan anu keur anteng ngalakukeun rutinitas kagiatan dapur langsung nanya.
“Dimana, Bah?”
“Di Banjaran, Cimaung, rada nyingcet.”
“Ohhh… nya atuh, Abah geura siap-siap!”
Teu loba catur. Pamajikan langsung ngarobah agenda. Ti anu tadina rék ka kota, ayeuna kudu ka lembur, Cimaung.
Sanggeus mandi, kuring mimiti riweuh néangan baju anu pantes dipaké kondangan. Milih-milih baju, ningali kaca, ngabenerkeun kerah, bari sesekali nanya ka pamajikan.
“Mi, ieu pantes teu?”
“Pantes.”
“Nu ieu kumaha?”
“Éta gé pantes.”
Pokona, kudu katingali rapih. Da rék datang ka acara penting, kawinan urut Ketua BEM sorangan.
Tungtungna, kuring jeung pamajikan geus siap. Budak ayeuna mah boga istilah: couple outfit. Baju kudu sajodo, ulah nepi ka nu saurang siga rék kondangan, nu saurang deui siga rék ka pasar.
Jam sabelas urang indit ti imah.
Perjalanan kira-kira sajam satengah. Google Maps jadi andelan. Jalan asup ka pilemburan, muter ka ditu, muter ka dieu. Sakapeung kuring jeung pamajikan silih tempo, bari rada bingung.
“Bah, ieu jalanna leres?”
“Ceuk Google Maps mah bener.”
“Yakin…?”
“Google mah moal bohong, Mi.”
Padahal, Google Maps mah ukur némbongkeun jalan. Anu jelas moal tanggung jawab lamun nu inditna salah tanggalmah!
“Oh, Nu Nikah Kamari, Nya?”
Sanggeus muter-muter, ahirna nepi ka hiji lembur. Kuring eureun sakeudeung, tuluy nanya ka salah saurang warga.
“Punten, Kang. Upami bumi Naza, pangantén lalaki, palih mana?”
Warga éta ngajawab bari siga geus apal kana maksud kuring.
“Ohhh… nu nikah kamari, nya?”
JLEB!
Haté langsung ngadégdég.
Nu nikah kamari?
Dina jero haté kuring mimiti curiga.
“Kamari? Naha kamari nikahna? Boa-boa geus kaliwat acara ondanganana!”
Tapi, da geus kadung nepi, kuring mah tetep naroskeun arah.
“Ieu ka handap, lebet gang éta,” pokna.
Kuring nurut. Kendaraan di parkir heula di sisi jalan.
Nepi ka deukeut lokasi, aya hiji hal anu matak anéh. Teu kadéngé sora musik. Teu aya sora MC. Teu aya sora tamu nu keur ngobrol. Teu aya riweuh-riweuhna hajatan.
Sepi pisan!
Biasana mah lamun aya kawinan, ti kajauhan gé geus kadéngé sora organ tunggal atawa sahenteuna sora nu keur ngumumkeun ngaran tamu.
Ari ieu mah… sora hayam jeung manuk anu leuwih dominan.
Kuring nuyun pamajikan. Kabeneran pamajikan maké sapatu kondangan anu aya hakna rada jangkung.
Jalanna henteu pati rata, di sabudeureunana aya balong.
Kuring jadi leuwih ati-ati.
“Ati-ati, Mi. Ulah nepi ka tijalikeuh. Mun tijalikeuh temah tanda teuing isinna ku batur”
Pamajikan dituyun siga nu keur ngaliwat sasak leutik.
Dina pikiran kuring, ulah nepi ka niat kondangan kalahka jadi acara nyalametkeun korban tigebrus ka balong.
Panganténna Maké Kolor!
Sanggeus ngaranyog nepi ka imah anu dituju, kuring ningali saurang lalaki ngora keur beberes di buruan.
Anu matak reuwas, éta budak maké kolor!
Dina haté kuring héran. Ieu teh pangantén atawa nu keur beberes sanggeus hajatan?
Tapi kuring tetep nyapa.
“Za!”
Lalaki éta neuteup ka kuring. Sakedapan, rarayna robah bamun nu reuwas.
“Ehhh… Bapak!”
“Assalamu’alaikum!”
“Wa’alaikumussalam. Hayu, Pak, lebet!”
Kuring jeung pamajikan silih tempo. Pamajikan ge kageteun, naha panganteh bet di kokolor, cenah.
Dina kaayaan kitu, kuring kakara sadar yén ieu lain suasana jalma anu keur nyambut tamu kawinan. Ieu mah suasana jalma anu keur beberes sanggeus acara réngsé.
Naza tuluy nanya.
“Pak, kamari teu aya?”
Kuring seuri bari rada kagok.
“Ehhh… Bapa téh… sidikan salah ningal tanggal, Za.”
Dina jero haté mah hayang nyarita:
Za, punten. Bapa mah lain teu ngahargaan uleman. Ngan kalender jeung panon Bapa ayeuna keur teu akur..
Naza kalahka seuri.
Tungtungna urang silih sasalaman, ngobrol, tuluy diuk bari ngarasakeun suasana anu jauh tina bayangan kuring ngeunaan hiji acara resepsi.
Teu aya tamu nu ngariung. Teu aya jajaran panitia. Teu aya nu ngabagéakeun di lawang. Nu aya ngan pangantén lalaki anu keur beberes, bari maké kolor.
Kondangan modél kieu mah kacida éksklusifna. Teu kudu antre, teu kudu ngaliwatan meja penerima tamu, komo deui kudu ngantosan giliran dahar.
Ieumah éstuning santey, ngobrol ngaler ngidul bari disuguhan kakaren hajatan plus cuangki.
Leuwih Reuwas: Indungna Urut Mahasiswa!
Bari keur ngobrol jeung Naza-Ghaida, ujug-ujug aya saurang ibu kaluar.
Kuring neuteup ka éta ibu.
Sakali tempo, asa wawuh.
Kuring mikir heula.
Ieu saha tea, nya? Asa kungsi tepung.
Teu lila, kakara inget.
“Eh… Bu Yani?”
Ibu éta ogé langsung nyarita.
“Eh, Bapak, damang pak!”
Kuring beuki reuwas.
“Bu, naha aya di dieu?”
Ibu Yani ngajawab bari seuri.
“Pan Naza téh anak Ibu, ari bapak!”
ASTAGHFIRULLAH!
Tétéla Naza téh anakna Bu Yani, urut mahasiswa kuring di KPI Grup Tamhied sababaraha taun ka tukang.
Dunya téh memang leutik. Niatna rék nyaba ka urut Ketua BEM, kalahka patepung jeung indungna urut mahasiswa sorangan.
Dina haté kuring aya rasa bungah, reueus, jeung rada éra campur jadi hiji.
Kuring tuluy nyarita bari seuri:
“Ohhh… janten ieu mah sanés saukur kondangan ka Naza, tapi sakalian tepang deui sareng kulawarga mahasiswa baheula.”
Ngobrol silih temal beuki nuluy panjang. Naza jeung Ghaida ogé milu nimrung. Suasana anu tadina rada kagok, lalaunan robah jadi haneut jeung pinuh ku kekeluargaan.
Poto Pangantén di Tengah Balong!
“Pak, punten, urang poto, nya!”
Siap! Tangtu kuring satuju pisan.
Ngan aya masalah leutik.
Teu aya panggung pelaminan. Teu aya hiasan kembang. Teu aya latar tukang kawinan anu éndah. Da acara geus réngsé ti kamari.
Tungtungna, urang néangan tempat anu kira-kira alus keur difoto.
Pilihanana téh… di sisi balong!
Heueuh, di sisi balong!
Kuring, pamajikan, Naza, Ghaida, tambih bu Yani ahirna ngariung pikeun poto babarengan. Balong anu tadina ngan jadi tempat miara lauk, ayeuna robah fungsi jadi studio poto pangantén.
Mun ningali hasil potona, meureun jalma bakal nyangka ieu téh konsep wedding outdoor anu unik.
Padahal, saenyana mah lain konsep. Ieu téh akibat salah ningali tanggal weh..!
Ku sabab pamajikan teh maké sapatu anu hakna jangkung, nya ti tadi dituyun ulah nepi ka tigebrus, Komo ayeuna malah kudu pose di sisi balong.
Bisi aya nu nanya, naha poto kawinanana teu di pelaminan?
Jawabanana basajan:
Pelaminan geus dibongkar, tapi kanyaah jeung silaturahmi mah henteu kudu dibongkar.
Tina Ketua jeung Sekretaris Jadi Pasangan Hirup
Sanggeus ngobrol jeung ningali deui carita maranéhna, kuring jadi inget kana love story Naza jeung Ghaida.
Taun 2023, maranéhna papanggih di kampus IAI PERSIS Bandung. Naza harita jadi Ketua Himpunan Mahasiswa Jurusan PAI, sedengkeun Ghaida jadi Sekretarisna.
Mimitina mah ukur komunikasi urusan organisasi: rapat, program kerja, jeung rupa-rupa kagiatan mahasiswa. Tapi, tina hubungan anu mimitina saukur Ketua jeung Sekretaris, lalaunan tumuwuh rasa silih pikanyaah. Timbul katresna.
Sanggeus tilu taun silih kenal jeung ngalakonan rupa-rupa prosés, ahirna dina taun 2026 maranéhna mutuskeun janji pasini pikeun ngawangun rumah tangga ngambah sagara kahirupan.
Kuring jadi mikir, ieu téh salah sahiji hasil pangalusna tina organisasi mahasiswa.
Aya anu ti BEM jadi aktivis, aya anu ti Himpunan jadi pamimpin, ari Naza jeung Ghaida mah ti Ketua jeung Sekretaris jadi salaki jeung pamajikan.
Program kerja maranéhna ayeuna lain deui rapat bulanan, tapi rapat kahirupan sapopoé. Henteu deui ngabahas laporan pertanggungjawaban, tapi kumaha carana silih pihapekeun diri silih tanggung jawab.
Salah Tanggal, Tapi Henteu Salah Tujuan
Sanggeus sagala kajadian éta, aya hiji hal anu matak jadi pangajaran keur kuring.
Tétéla, datang ka hiji acara téh lain saukur perkara tepat waktu. Tapi ogé perkara niat, silaturahim, miara raga katineung, jeung ngahargaan hiji hubungan.
Memang, kuring salah ningali tanggal. Kuring datang sapoé sanggeus acara réngsé. Tapi untungna, panganténna masih aya di imah, can kabur ka bulan madu.
Mun Naza jeung Ghaida geus indit bulan madu, meureun kuring kudu nanya deui ka warga:
“Punten… panganténna aya?”
“Teu aya, Pak. Geus indit.”
“Ka mana?”
“Bulan madu.”
“Astaghfirullah… Jigana bakal wirang kadua kali, meureun!”
Pikeun Naza jeung Ghaida, wilujeng ngawangun rumah tangga. Mugia janten kulawarga anu sakinah, mawaddah wa rahmah. Sing langgeng, silih pikanyaah, silih ajénan, jeung silih kuatkeun dina sagala kaayaan.
Hatur nuhun parantos ngajantenkeun kuring sareng Ibu bagian tina carita bagja ieu, sanajan datangna rada telat.
Jeung hiji pesen pikeun diri sorangan:
Dina kahirupan, urang sok bisa salah milih jalan, salah maca kaayaan, komo deui salah ningali tanggal. Tapi ulah nepi ka salah nangtukeun tujuan.
Ari keur urusan kondangan mah, ti ayeuna kudu leuwih taliti ningali tanggal.
Sabab lamun salah tanggal deui, bisa-bisa lain ukur datang ka panganténan sapoé sanggeusna, tapi datangna téh pas anakna geus sunatan!
Wallahu’alam
_Nurdin Qusyaeri





