Ku Dadan Dania
Basa maksakeun wudlu di tampian,
Cai karasa nyecep kana beungeut, tapi bet asa aya leugeut.
Anteb neuteup pancuran,
Cai téh bersih tapi teu matak luduh kana daki,
Cai téh nyacas tapi teu matak cékas kana pameunteu.
Ah mending pindah tampian.
Angger hengker, kokotor karasa leuwih kandel.
Nya pindah deui.
Mapay tampian jeung pancuran, beungeut asa beuki geunteul,
Antukna baal.
Maksakeun hanjat ka tajug.
Cong witir.
Sabada munajat ka Dzat nu maha haat,
Hookeun ningali dampal nu tumamprak.
Gusti,
Geuning sanes cai anu teu bersih,
Tapi dampal leungeun anu kandel ku kokotor.
Robbana innanaa aamanna faghfirlanaa dzunubanaa waqina adzabannar.
Allohumma innaka afuwwuw fa fuanni
Cicalengka, 5 Ramadhan 1446 H





