
Ku Noor Wahida Arifin
Dina hiji hadits, Rasulullah SAW kungsi ngadawuh kieu:
“Heh sakumna manusa! Sebarkeun salam, bagea ku dahareun, sambungkeun tali silaturahmi, sarta laksanakeun solat peuting di waktu nu sepi, waktu jalma-jalma keur saré. Tangtu aranjeun bakal asup kana sawarga kalayan salamet.”
1. Sebarkeun Salam
Aya lima rupa salam nu ditepikeun dina kahirupan sapopoe:
- Salam ibadah (salam dina ahir solat): “Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.” Ieu mah bagian tina ibadah, henteu meryogikeun jawaban. Dina basa Indonesia disebut kalimah rétoris, hartina henteu kudu dibales.
- Salam do’a (salam ka nu geus maot): Upamana urang ngaliwat ka kuburan, urang salaman kieu:
“Assalamu’alaikum ya ahlad-diyaari minal-mu’miniina wal-mu’minaati wa inna insya Allohu bikum laahiquun.”
- Salam tatapan (salam pas tepang): Ieu mah biasa dipake nalika papanggih. Contona:
“Assalamu’alaikum”
Balesanana: “Wa’alaikumussalam.”
- Salam menta ijin (isti’dzan): Lamun hayang asup ka imah batur atawa rek tatamu, kedah salam heula.
- Salam pamit (paturay): Salam anu dipake nalika rek indit atawa pamit.
2. Suka Mere Dahareun
Salah sahiji tanda nu nunjukkeun silih asih jeung paduli ka sasama nyaéta ku masihan tuwangeun ka nu perelu. Upamana aya nu katingali lapar atawa ngabaéudan, ulah tunda-tunda mere tuangeun. Eta téh bakal mere kabagjaan boh ka anu nampa boh ka anu mere.
3. Nyambungkeun Silaturahmi
Silaturahmi téh henteu kudu nungguan lebaran wungkul. Iraha wae, sakumaha waktuna aya, urang kedah nyambungkeun tali duduluran jeung dulur-dulur urang. Ieu téh jalan pikeun mere katenangan jeung keberkahan dina hirup.
4. Solat Tahajud
Solat tengah peuting atawa tahajud téh waktu nu istimewa. Nalika sadaya jalma keur saré, urang hudang pikeun ngadeukeutan diri ka Gusti Alloh. Kauntunganana:
- Ngahapus dosa jeung maksiat.
- Ngajaga kaséhatan jasmani, contona nyegah hipertensi jeung tekanan darah tinggi.
- Ngubaran kasakit batin, kayaning kalemah iman, bakhil, boros (isyrof), jeung kabiasaan kaleuleuwihan dina dahareun atawa pakean.
Insya Alloh, sing saha nu ngamumule kabiasaan ieu baris kaasup golongan ahli sawarga.
Kasimpulan
Urang kudu ajeg jeung istiqomah dina taat ka Alloh SWT, sangkan bisa jadi muslimah anu berkualitas tur kaasup ahli sawarga.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.