Website Berita dan Opini
Indeks
Sastra  

Antara Husen – Hasunudin

 

Ku Dadan Dania

 

Basa kapal mimiti unggah

Katangén runtah patulayah

Solokan cakeutreuk

Wahangan ngolѐtrak

Jalan bѐcѐk

Balatak betrak-betruk

Gedong jangkung belewuk

éstu matak sareukseuk

Kagoréngan campuh teu kasilih

 

Mangsa kapal hiber rada luhur

Titingalian mimiti paor

Nu tadi geugeuleuh robah jadi ѐndah

Sakur rumeuk ngabungkeuleuk lir mozaik

Sirna kagorѐngan nu nonggérak, jadi ngaburicak

 

Kapal kiwari ngawang-ngawang jomantara

Nu jorѐ jeung nu alus teu katara

Amparan bodas walatra

Dina sela-sela awan anu nyacas

Katoong aya mumunggang

Kiwa jurang tengen lungkawing

Hareup lamping tukang longkéwang

Cag.

Cicalengka, 3 Ramadhan 1446

 

Baca Juga:  Revisi UU TNI: Hanya Akan Membawa Kita Kembali Ke Masa Kelam

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *