
Ku Ai Noor Wahida Arifin*
Dina seahna angin janari.
Nu nebak pucuk jajantung.
Aya nu ngageri kana ati sanubari
Aya nu ngagugah kana manah.
Bentang bentang nu baranang.
Nu sidendang dina mega.
Marengan hiji sora.
Nu kaluar ti wanoja.
Wahyu Alloh …
Nu dibaca jeung wirahma.
Genah pisan ka kupingna.
Nikmat pisan karasana.
Anjeun
Oge Anjeun…
Naha pernah ngaluarkeun cimata?….
Sabab sieun ku dosa….?
Sieun ku Alloh
Sieun ku maot
Sieun ku naraka.
*Penulis adalah mahasiswi KPI Tamhied Semester VI






