Bobotoh PERSIB

Bobotoh Persib
Foto Twitter Persib.

 

Ku Ganjar Kurnia

Persib téh lain ngan saukur kleub méngbal, tapi geus jadi sabagian tina jiwa urang Sunda. Di tukangeunana, aya kakuatan gedé, anu disebut Bobotoh. Kecap “Bobotoh” dina basa Sunda mibanda harti “anu méré sumanget” atawa “pangrojong” ka anu tarung.

Sok sanajan henteu nyebut istilah bobotoh sacara langsung, tapi koran Sipatahoenan édisi 4 April 1938, ngalaporkeun pertandingan antara Persib lawan VIJ (Persija ayeuna) di Tegal Lega, némbongkeun kumaha badagna dukungan anu lalajo ka Persib:

“Harita, hujan turun kacida gedéna, lapangan robah jadi leutak. Tapi, rébuan urang Bandung tetep nangtung di sisi lapangan, teu gigrig ku tiis, tetep ngagorowok méré sumanget ka pamaén Persib”

Istilah bobotoh Persib, niniti ramé digunakeun dina taun 1993. Nurutkeun sababaraha informasi, kiwari Persib kaasup kleub anu mibanda “supporter” panatik panglobana di Asia Tenggara. Di Asia, asup ka 5 “besar” bareng jeung kleub Urawa Reds (Jepang), Perspolis (Iran), Kerala Blasters (India), Al-Nassr (Arab Saudi).

“Followers” Persib dina media masa (Instagram, Facebook, X/Twitter), Tiktok, totalna nembus kana 22-25 juta. Lamun Persib maén di Bandung, anu lalajo rata-rata aya kana 20 rébuna.

Ditingal tina sisi sosiologis, bobotoh téh mangrupakeun “fenomena” sosial. Pikeun bobotoh, Persib dirasakeun jadi simbol harga diri. Persib ogé geus jadi identitas budaya. Di tengah gempuran budaya global, Persib jadi simbol “Kajayaan Sunda”.

Ngadukung Persib mangrupakeun cara urang Sunda némbongkeun éksisténsina dina peta nasional malah global. “Persib nu aing”, “Persib nepi ka paéh” atawa “Turunan Persib” mangrupakeun “klaim” idéntitas anu jero (Sense of Belonging).

Kukituna, pikeun urang Sunda, ngadukung Persib téh dirasakeun jadi salah sahiji cara némbongkeun identitas “Sunda” anu nyata. Bobotoh ngarasa Persib téh bagian tina jiwana. Lamun Persib éléh, bobotoh milu nyeri haté. Lamun meunang, ngarasa gumbira luar biasa (euphoria).

Sebutan “Bobotoh” ogé geus ngahijikeun rupa-rupa kelas sosial. Di jero stadion, euweuh istilah dunungan atawa kuli, euweuh pejabat atawa rahayat biasa. Sakabéhna lébur dina sebutan “Bobotoh”.

Baca Juga:  Filosofi “Mapag Juara”: Mengapa Persib Bandung Bukan Sekadar Klub Sepak Bola?

Ieu némbongkeun yén Persib bisa jadi alat “pemersatu” anu ampuh. Fanatisme bobotoh, pakait jeung rasa miboga. Bobotoh ngarasa “gagah” jeung “reueus” bisa jadi bagian tina komunitas biru. Kasuksésan Persib dianggap jadi kasuksésan dirina sorangan.

Dina perkembanganna, dukungan ka Persib ngamekarkeun rupa-rupa organisasi, korwil, jeung gaya kultur tribun. Sabagian miboga struktur kepengurusan, sabagian deui leuwih “cair”, tapi sarua sumangetna, nyaéta némbongkeun dukungan jeung kanyaah ka Persib.

Organisasi bobotoh utamana bakal katingali dina spanduk lamun Persib maén. Anu pangdipikawanohna, diantarana “Viking”. Diadegkeun dina 17 Juli 1993.

Viking boga anggota lain ngan di Jawa Barat tapi sa Indonesia malah nepi ka di mancanagara (Viking Japan, Viking Taiwan, jsb). Viking geus hasil ngarobah citra suporter anu tadina “liar” jadi leuwih terorganisir. Viking boga “Jangji Setia” anu moal luntur ngadukung Persib sanajan dina kaayaan kumaha baé ogé.

Salian ti ngatur abringan ka stadion, informasi tiket, Viking ogé boga program “away day” nyaéta ngatur perjalanan tandang boh transportasi boh disiplin rombongan.

Salian Viking, aya ogé Bomber (Bobotoh Maung Bandung Bersatu). Kagiatan Bomber katingal dina manajemen tribun: ngarahkeun lalaguan, ngatur kakompakan surak, sarta ngajadikeun dukungan henteu ngan sporadis tapi ritmis.

Di dunya méngbal, sok aya dukungan anu sipatna: militan, konsisten, visual tribun kuat, jeung kuat dina lalaguan. Dina konteks Persib, aya kelompok/komunitas anu nganut kultur saperti kitu, anu biasa disebut “ultras”. Ciri ultras nyaéta konsistensi: nyanyi panjang, drum, komando tribun, koreografi (tifo), sarta usaha nyiptakeun suasana stadion anu bisa “hirup” ti menit kahiji nepi ka akhir.

Dina kultur ieu, tribun téh kawas panggung ritual: aya tempo, aya repetisi, aya simbol visual, jeung aya rasa “hiji napas”. Ku disiplin tribun, ultras ngahasilkeun identitas, henteu ngan “urang ngarojong Persib”, tapi boga cara ngarojong nu khas.

Baca Juga:  Dilema Ridwan Kamil: Antara Persib Bandung dan Persija Jakarta di Panggung Pilgub 2024

Dina psikologi sosial, ieu patali jeung identifikasi kelompok. Individu ngaleungitkeun “kuring” jadi “urang”, terus nyumebarkeun emosi, nepi ka stadion karasa jadi hiji awak raksasa. Kultur ultras percaya yén dukungan kudu “panjang napasna”, teu ukur ramé mun Persib unggul, tapi tetep hirup sanajan tim keur kateken komo éléh.

Salian ti organisasi-organisasi anu disebut di luhur, aya ogé bobotoh nu ngawangun identitasna ngaliwatan “gaya”. Komunitas “casuals”, saperti anu sok disebut Flowers City Casual, biasana henteu ngandelkeun atribut klub, tapi leuwih kana gaya busana, simbol anu nunjukkeun yén bobotoh téh aya ogé anu mibanda subkultur kota.

Masih loba kénéh “organisasi” bobotoh lianna, diantarana anu sok “nggordinasikan” bobotoh di wilayah (Korwil). Korwil ieu miboga peran penting pikeun ngajadikeun Persib hadir di gang-gang, di balé warga, di warung kopi, di lapang leutik, jeung dina nobar anu sok jadi “pésta kampung”.

Kagiatan korwil diantarana: ngatur titik kumpul saméméh ka stadion, koordinasi konvoi, iuran pikeun transportasi, nepi ka ngatur “balikna” sangkan aman. Dina nobar, korwil ngurus layar, sound, konsumsi, jeung tata tertib lingkungan.

Korwil ogé sering mibanda kreativitas hébat, saperti nyieun mural Persib, lagu dukungan lokal, nepi ka atribut nu jadi ciri kota/lemburna sorangan.

Hal séjén anu perlu dicatet, nyaéta beuki lobana bobotoh wanoja anu nongton langsung ka stadion. Kahadiran bobotoh wanoja ka stadion téh, lain saukur “nambah panongton”.

Dina kaca mata sosiologi-psikologi, hal ieu mibanda sababaraha makna yén Persib lain ngan saukur klub méngbal, tapi geus jadi “lembaga budaya” nu dipiboga ku sakumna warga anu ngan lain lalaki wungkul.

Stadion anu biasana mindeng “rentan” ku polarisasi emosi: gancang panas, gancang ngamuk, tapi ku ayana kaum wanoja mah jadi aya rém sosial. Anu lalajo jadi leuwih inget kana tatakrama, leuwih nahan omongan kasar, jsbn.

Kantos dimuat di Mangle sasih Maret 2026

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *