Ku DadanDania
Méméh srangénggé méléték
Mencek ngulisik,
gigisik mungkas impian
Subuh-subuh
Méong nguniang,
Babatek nyingraykeun tunduh
Rebun-rebun mencek mangprét
ngaberetek sakalumpat lampét
Muka lalangsé halimun
Rebun-rebun méong nyebrut
Lir jamparing ngabelesat
Neumbrag reumis reujeung ibun
Mencek nu jadi udagan
Kudu lumpat tarik naker
Leuwih tarik batan méong nu paling cangker
Atawa dikerekeb jadi bugang
Méong nu jadi singlaran
Kudu lumpat bedas naker
Leuwih tarik batan mencek nu paling kendor
Atawa salatri ngababatang
Mencek jeung Meongcongkok
Nu diudag jeung nu ngudag
Lumpat patarik-tarik
Pabedas-bedas
Sangkan isuk bisa hudang.
Cicalengka, 9 Ramadhan 1446 H.






