Ku Delis Lela Haryati, M.Pd
Ramadhan sababaraha puluh taun katukang, harita umur kuring 8 taun.
Asa bagja teu kagambar guligahna mun datang bulan puasa teh. Alhamdulillah, didugikeun abdi kana lawang kasucian, dipaparin kasempetan sideku nyuuh dina amparan Pupuhu Bulan, dina guratan dzikir nganti karidhoan kanyaah Gusti, Ya Rahman Ya Rahim…
Aya sababaraha kabiasaan mangsa keur budak dina bulan Ramadhan teh. Diantara na piisukaneun munggah mandi beberesih teh ngabring ka Ranca, susukan handapeun lamping nu cai na herang ngagenclang.
Ieu mah lain tradisi atawa budaya … ngan memang di lembur teh can kasaba ku sumur jeung jamban. Sapanjang jalan ka ranca teh mapay pasawahan nu umpak-umpakan. Mapay galengan bari ngundeur genjer nu jaradi di sapanjang sisi galengan.
Asa tumaninah…. hiliwir angin nyiuman tarang,nyiuman dada nyiuman raga, nyingraykeun lalangse pare, nyingraykeun mendung pipireun gunung, nyingraykeun samagaha tukangeun mega….kuring ngahariring di tepis wiring ranca, baseuh silih simbeuh…Lalalalalaaa
Biasa na munggaran puasa sakola pere. Sanggeus beres saur kuring ka masjid Shalat subuh berjamaah diteruskeun tadarus sa juzz, beres tadarus biasa na kuring jeung babaturan jalan-jalan ngabeubeurang ngurilingan lembur bari kabeh awewe lalaki di harudum sarung.
Kabiasaan di lembur barudak jeung remaja teh tara lesot ti sarung, mun isuk2 sarung na teh di harudumkeun, mun beurang di sampingkeun. Balik jalan-jalan mah biasa na sok bareberes heula di imah masing-masing teu kalaluar.
Pabeubeurang babaturan geus nyalampeur deui ngajak ka masjid, Shalat Lohor berjamaah diteruskeun shalawat keusik. Disebut Shalawat keusik teh ngakutan keusik ti walungan bari maca Shalawat Nabi, opatan nu ngala keusik di walungan… Nu lain na ngajajar ti walungan nepika masjid mapaykeun keusik dina wadah bari maca Shalawat Nabi, saur Ustadz bari ngaos Shalawat teh ngarah teu cape jeung jadi ibadah cenah. Eta keusik teh keur ngomean masjid ngirit-ngirit biaya. Beres ngala keusik diteruskeun tadarus deui sa juzz.
Bada Ashar aya acara nu tara tinggaleun tiap Ramadhan, nyaeta ngadengekeun dongeng Mang Wahyu Adam dina radio. Ari di lembur nu boga radio teh karek 3 imah.
Jadi mun dek ngadengekeun dongeng teh kuring jeung babaturan ngajajar dina bilik imah tatangga bari nempelkeun ceuli kana bilik. Mun palebah dongeng na pikaseurieun patingcikikik dina bilik. Bari ngelek adi nu bungsu nu karek 2 taun da kuring anak cikal bagean ngasuh.
Hiji mangsa mah keur ngadengekeun dongeng Mang Wahyu Adam teu kanyahoan budak kakarayapan abus ka imah tatangga, trs ngopepang kana termos, termos na bahe budak kaseblok ku cai panas leungeun na nepika melendung jeung boleger beureum.
Kuring reuwas tatangga di lembur geunjleung, budak nu ceurik kokoceakan gancang di ais dibawa balik, di buruan Ema moro ngarawu budak, dina lawang panto Bapa ngajega bari nyepeng sapu injuk. Habek habek gagang sapu kana bitis, asa remuk tulang bitis.
Sanggeus sababaraha kali neunggeulan ku gagang sapu, sapu di alungkeun ku Bapa terus moro budak di ubaran, kuring ge nyampeurkeun mantuan ema beberes parabot jeung bala urut ngubaran si Ujang. Di gebug, di sintreuk jeung di baledog teh biasa, geus baal deui. Saur Bapa ambeh rancingeus, merhatikeun jeung tanggung jawab kana sagala hal.
Sangkan ati-ati tur tarapti, ngalengkah anu merenah sangkan hirup barokah, cenah anggap sagala sikep keras Bapa teh eunteung sangkan lengkah nincakna teu saukur lampah, da cenah Bapa jeung Ema mah teu boga wariskeuneun banda, iwal papatah jeung du’a, sangkan hirup dibeungkeut ku iman jeung takwa, bekel urang jaga ngumpul di Syurga.
Muhun Bapa, teu kumawantun baha, Mungguh Bapa teh tangkal darajat nu moal rungkad dugi ka Akherat, eunteung kahirupan nu tanggung jawab kana kodrat. Papatah Bapa teh ngakar ngawujud tangkal jadi buah runtut sauyunan dina kulawarga, nuhun Bapa.
5 menit deui ka Adzan magrib kuring ngawadahan cai kana botol jeung mungkus gula kana keretas. Babaturan geus nyalampeur deui, kuring sing bareretek lumpat ka kebon, terekel naraek kana tangkal nangka. Marilihan tempat nu tumaninah keur nyangsaya dina dahan bari ucang angge.
Pas ngong Adzan magribh teruss ngarinum cai dina botol diteruskeun ngala tongtolang nangka nu rantuy hareupeun di coelkeun kana gula, aya nu kana uyah, aya nu kana sambel.
Nikmat na maknyosssss………. bari neuteup bentang nu beueus ku hujan, indung peuting mimiti ngalimpudan bulan, tongeret recet marengan hibarna layung, bulan munjul hurung timbul, ngambang dipapag bentang, mapag datang na peuting, ngawaas kabetah….duh lemah kameumeut sarakan pamidangan.
Adzan Isa kuring jeung babaturan lalumpatan baralik dek terus taraweh. Beres taraweh biasa na tuang ngariung di imah sakulawarga. Bari tuang kuring sok neuteup raray Ema jeung Bapa.
Bari di kongkoyangan jiwa dareuda, bagja tiasa keneh tuang ngariung sareng Ema jeung Bapa, Ya Allah mugi ti Ramadhan ka Ramadhan abdi tiasa sasarengan teras sareng Ema jeung Bapa,
Amien…..






