Tukang Komén jeung Tukang Komplén

Tukang Komen Jeung komplén
Foto meta

Ditulis ku Noor Waidah Arifin*

Di hiji lembur nu jauh ti keramaian, ngaran lemburna “Kedung ORI”, ngan aya sakitar 17 kepala kulawarga, ditambah barudak leutik nu sakapeung disebut beureunyit. Saperti biasa, unggal pasosore poé Saptu, warga biasana kumpul pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi. Éta ogé ceuk ketua RT-na, Wa Farma, nu jadi pupuhu di dinya.

Henteu lila, warga mimiti daratang – ti mimiti aki-aki nepi ka setengah kolot, ditambah barudak ngora, mojang jeung jajaka, anu mingpin ka kalangan aki-aki tukang pencak silat kawas Aki Karmad, Aki Oni, Aki Oji, jeung Aki Dahria. Puguh ogé aya nu rada ngora saperti Kang Ohim, Kang Aep, jeung Kang Ading, jeung pamajikanna masing-masing: Ceu Esih, Ceu Waronah, Ceu Eloh, jeung Ceu Dasih.

Sagala balakecrakan, babarengan ngarasakeun hasil tatanén. Tapi ujug-ujug datang hiji jalma – nya éta tukang komen jeung tukang komplén, alias tukang popoyok. Mun ceuk barudak ayeuna mah disebutna si “tukang nyinyir”, nu sagalana sok dianggap salah di panonna sorangan.

Si Jalma téh langsung diuk hareupeun hawu nu keur hurung seuneuna, gigireun aya jagong nu geus disiapkeun rék dibakar ku gagang awi. Bari ngagorowok ceuk basa nu teu merenah, manehna ngomong, “Naha ngan sakieu doang ieu jagong? Rasana kawas beucis heuras, teu nikmat, jeung bau haseum!”

Sagalana langsung teng-teng, masing-masing hareupeun. Teu aya nu wani némbalan, padahal nu mawa jagong téh aya di dinya ogé. Tapi asa heureuy, da kaburu nahan amarah. Hayang ngomong, tapi inget kana pituduh Al-Qur’an, yén lamun aya jalma nu nyieun goréng saperti kitu, urang kudu bisa nahan diri. Ulah dibales, ulah diadukeun, ulah didebat. Jaga amarah. Mun lain ku iman mah geus hayang nalapung ku gagang awi éta.

Baca Juga:  Eid sebagai Manifesto: Tradisi Lebaran Indonesia di Tengah Arus Modernitas

Sora batinna ngajerit, “Ya Allah… ieu jalma nyarékan saha? Nu nyieun jagongna? Atawa nu nyiptakeun jagong, nya éta Alloh?!”

Alloh SWT ngadawuh dina QS. Al-Hujurat ayat 11, yén urang henteu meunang ngahina ka sasama manusa, henteu meunang silih nyinyir atawa ngolok-ngolok, sabab éta bisa ngarusak hubungan sosial jeung mental batur. Leuwih ti éta, hinaan bisa ngajatohkeun martabat jeung nyababkeun rasa sieun, era, jeung nyeri dina jero hate batur.

Tilu Hal Penting tina Ieu Kajadian:

1. Éta téh nunjukkeun kurangna rasa kasadaran yén unggal jalma mibanda kaunikan jeung kaistimewaan masing-masing.

2. Ngancurkeun hubungan sosial, sabab manusa kudu silih hormat jeung silih peryogaan.

3. Nganyenyeri rasa batin jeung awak batur, lir ibarat luka ku pisau ipis jeung seukeut.

4. Bisa nyababkeun musuhan jeung pegatna silaturahmi nu hésé dibenerkeun deui.

Kasimpulan

Jawaban tina naha urang kudu saling ngahargaan jeung silih mafhum téh nyaéta supaya henteu gampang komplén kana kahirupan batur. Urang kudu bisa ngajaga laku jeung lisan, teu sagalana dikomentaran. Sabab teu aya hiji jelema ogé nu meunang ngadili kakurangan atawa kasalahan batur.

Cag atuh…

*Panulis Mahasiswi KPI B VII

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *