
Surat Al-Mudatsir mangrupakeun salah sahiji surat penting dina Al-Qur’an nu medal salaku pituduh sareng panggero ti Allah SWT pikeun Nabi Muhammad SAW sangkan hudang sareng ngamimitian dakwah ka umat manusa. Dina basa Sunda, ieu surat teh mibanda makna anu jero, ngingetkeun kana tanggung jawab, kasucian, sareng kawajiban pikeun ngajauhan sagala pagawéan dosa.
Ayat 1-2: Héy Nu Ngagojod Kebluk, Hudang Tuluy Kampanyeu. Dina tafsir Sunda, kecap “ngagojod kebluk” dipaké pikeun ngalambangkeun jalma nu keur nyumput atawa lelap kana kaayaan diri sorangan. Ieu pituduh ditujukeun ka Nabi Muhammad SAW waktu keur nyumput dina kasusah sareng kaera.
Allah SWT maréntahkeun Nabi sangkan hudang, ngaleungitkeun sagala rasa reueus pribadi, sarta ngamimitian tugas dakwah. Dina basa Sunda, kecap “kampanyeu” ngalambangkeun seruan dakwah pikeun ngajarkeun ajaran Islam ka sadayana, ngagederkeun takbir minangka seruan ngeunaan kaagungan Allah.
Urang ka papada manusa mun kampanyeu saukur dina aspék kadunyaan.
Kampanyeu téh nawarkeun program anu payus dipigawé.
Mun niat hadé jeung heueuh rék jadi pamingpin nu jeujeuh tangtu kampanyeu utama kudu ka Alloh nu miboga kakawasaan sajatining kawasa. Anu baris masrahkeun amanat sakumaha pantesna. Éta nu matak faandzir ditarjamahkeun kampanyeu.
Ayat 3:Gederkeun Takbir. Takbir nu dimaksud dina tafsir ieu nyaéta panggero pikeun manusa sangkan ngagederkeun ajaran tauhid, nandeskeun yén Allah SWT téh Maha Agung. Di tengah-tengah masyarakat anu kala harita pinuh ku kabobodoan sareng syirik, peran dakwah pikeun ngenalkeun kalimah tauhid téh pisan pentingna. Dina tradisi Sunda, kecap “takbir” ogé nu hartosna téh kudu diimplementasikeun dina bentuk lisan jeung lampah anu nyebarkeun kaimanan.
Ayat 4:Dangdan Nu Pantes. Ayat ieu ngarujuk kana pentingna kasucian lahir sareng batin. Kecap “dangdan nu pantes” dina basa Sunda teu ngan saukur ngarujuk kana penampilan fisik, tapi ogé pentingna ngajaga kabersihan jiwa tina sagala rupa pangaruh anu henteu murni. Dina ngajalankeun dakwah, hiji jalma téh kedah beresih tina dosa sareng sagala lampah anu teu saluyu jeung ajaran agama.
Ayat 5: Tinggalkeun Pagawéan Dosa. Kiwari, seueur pisan godaan dina kahirupan anu tiasa nyasabkeun umat manusa. Dina tafsir Sunda ieu, Allah SWT ngelingan Nabi Muhammad SAW sareng umatna pikeun ngajauhan diri tina sagala perbuatan anu dosa. Ieu jadi seruan pikeun salawasna ngawangun kahirupan anu suci tur dijauhkeun tina sagala lampah anu dosa, saperti ngalakukeun kamaksiatan atawa ngahianat amanah anu dipasrahkeun.
Ayat 6: Mun Buru-Béré, Ulah Miharep Meunang Pamulang Nu Leuwih Gedé. Tafsir ayat ieu dina basa Sunda ngajelaskeun yén urang kedah ikhlas dina tiap lampah, utamana dina maparin pitulung ka batur. Buru-béré atawa pasihan teh teu kedah dilakukeun kalayan ngarep-ngarep balikan nu leuwih gedé. Islam ngajarkeun keikhlasan, dimana lampah kebaikan henteu kudu dibarengan ku pamrih, tapi dilakukeun murni pikeun Allah SWT.
Pamungkas. Tafsir surat Al-Mudatsir dina basa Sunda ngajelaskeun hiji seruan anu kuat pikeun sakumna umat sangkan hudang tina kabodoan, nyucikeun diri, sarta ngamimitian tugas dakwah kalayan ikhlas.
Penting pisan pikeun ngajauhan pagawéan dosa jeung ngamalkeun takbir saperti nu disarankan dina surat ieu. Ku cara nyebarkeun kebaikan kalayan niat murni, dakwah Islam bakal leuwih mangpaat pikeun sakumna umat. (ANQ)
*Ide tulisan dicutat ti Mang Dadan Dania anu narjamahkeun surat “Al-Mudatsir ku basa Sunda Dina rohangan WAG aktivis Statim 20”.





