Sastra  

Kalakay

 

Ku Dadan Dania 

Rebun-rebun sabada pepedut peuray
Regang anu peungas ngagapuy kabeulit areuy
Kembang ngulapés katimbris girimis anu muruhpuy
Hiji-hiji lambaran kembang ngoléang bari gugupay

Carinakdak neuteup kembang hémpak
Babacak dina logak anu ngembeng ku cikaracak

Najan masih dumuk
Tapi nganjrek dina dahan nu mimiti jadi rokrak
Dahan nu mimiti regas
Kuring layeus lir kararas

Basa gelap ngabaranyay
Awak karasa beuki nahnay
Régang beuki ngelay
Hirup mimiti ngalakay

Basa hileud ngarayap teu kebat
Dipacok manuk ngolébat
Piit eunteup sajorélat
Regang regas reuntas ngulawit
Kuring milu tijuralit

Bayatak rokrak
Ngabalay kalakay
Malingpang kembang
Dina puhu tangkal anu kulawu.

 

Cicalengka, 7 Ramadhan 1446

Baca Juga:  Kunci Kebahagiaan Itu, Berdamai dengan Waktu Lalu Menikmati Hidup

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *