
Ku Nurdin Qusyaeri
Dina wanci isuk-isuk anu sumirat, cahaya panonpoé nutupan kampung leutik nu masih simpe. Dua urang lalaki paruh baya, Mang Danu jeung mang Darsa, keur cicing dina bale desa bari ngarayu seungit kopi nu acan kaendutan.
Eta dua jalmiteh kasebatna minangka guru pergerakan anu obrolanana mah sok jero estuning weweg ku falsafah kahirupan. Harita aranjeuna keur ngobrolkeun ngeunaan bangsa, kahirupan, jeung amanat.
“Mang Danu ngarembet obrolan, sora-na lemes, tapi jelas pisan, “Sangkan Bangsa Waluya Nagri Walagri,” cenah. “Pagawéan pamingpin kudu migawe hal-hal dihandap ieu:
Kahiji, kudu ngabiasakeun rihlah. Dina kaayaan kumaha waé oge, pamingpinmah kudu bisa ngaroris kaayaan rahayat jeung nagrina, boh dina usum syita atawa dina usum shoif.”
Juarsa nyarandeg, ngargépkeun kabeh kalawan saksama. “Rihlah, nya mang? Supaya teu poho kana kaayaan rahayat anu dipingpinna.”, pokna.
Mang Danu ngajawab kalayan daria, “Leres, Darja.
Kadua, ngajak rahayatna kajalan ibadah, maréntahkeun sakumna masyarakat pikeun nyubadanan paréntah Gusti Allah. Allah parantos nyandika,
‘falya’budu robba haadzaal bayt’
“Supaya rahayat téh ibadah ka nu masihan rejeki.”
Tah tugas pamingpin téh teu weléh kudu ngaluluguan dina bab eta.”
Darsa nembalan. “Leres mang. Kuring ogé émut kana ayat
‘Wa amana hum min khauf.’
Pamingpin teu ngan saukur ngajak ibadah, tapi kudu nyiptakeun rasa aman keur rahayatna.
Teu sieun teu bisa nyumponan kabutuhan hirup, teu sieun teu bisa sakola, teu sieun teu boga pakasaban. Kabéh kudu ngarasakeun aman.
Mang Danu nyungkeun ranggeuyan pikiranna, bari sumir urut seungit kopi nu kaduruk halimpu.
“Tuh, etamah prestasi pamingpin nu paling copél. Lamun henteu aya rahayat nu kurang gizi, komo salatri.
Allah ngandika deui,
‘At ‘amahum min juu’i,’
“Pamingpin kudu nyalametkeun rahayatna tina kalaparan. Ieu prestasi anu pangpentingna.”
Darja ngarasa aya pencerahan nu jero dina haténa.
“Jadi, pamingpin mah beda jeung ulama, nya mang. Tugasna béda. Ulama mah ngajarkeun kaimanan, ibadah, nurut ka Gusti Allah.
Ari pamingpin mah, kudu nyiptakeun katentreman. Teu kudu katémbong rajin ibadah ge asal rahayatna bisa ibadah kalawan tenang, pokna.
Mang Danu ngahuleng, nitenan éstu dina obrolan Darsa.
“Éstuning kitu. Pamingpin boga tugas anu langkung luhur. Mingpin ulah saukur pikeun sorangan, tapi pikeun rahayat. Ngararancang hirup anu waluya, boh kiwari, boh jaga.”
Mang Dadan reureuh sakedapan. Angin ngagelebug leutik, ngalir ngaliwatan saung leutik tempat duanana cicing. “Berkuasa téh lain keur soranganeun. Berkuasa téh pikeun ngawula, pikeun ngawujudkeun hirup anu waluya boh lahir boh batin”.
“Pamingpin mah tugasna nyaeta ngadeukeutkeun rahayatna kana kahadean jeung ibadah. Allah nyebutkeun,
‘wa man ahyaaha faka-annamaa ahya an-naasa jamii’aa,’
“Anu bisa ngajaga nyawa hiji jalma, éta sarua jeung ngajaga kahirupan sakabeh manusa.”
Daraa ngarahuh, tapi manehna teu bisa nyumputkeun rasa hormatna ka Mang Danu.
“Leres mang, ku prestasi eta, rahayat moal ngarasakeun sieun deui, boh keur masalah dunya boh keur ngajalankeun ibadah”.
“Islam ngajarkeun urang pikeun ngurus kabéh, henteu pilih-pilih saagama atawa henteuna. Rasa aman sareng tengtrem kedah karasa ku sakumna, muslim atawa non-muslim”, kecapna.
Mang Danu seuri mesem.“Tangtos, hirup teh keur ngabdi, pamingpin mah ngabdi ka rahayat. Bongan pamingpin nu bener bakal ditilik dumasar kana sabaraha hirup rahayatna anu aman, tentrem, tur rahayu.”
Sapopoé nyambung kana waktu, tapi omonganana Danu jeung Darsa téh nya tetep hirup dina jero pikir. Ieu téh lain saukur wacana, tapi éstu kahirupan maranéhanana, hirup pikeun ngabdi tur ngaluluguan, ngarah bangsa bisa maju dina karaharjaan dunya jeng akherat jaga. Cag.
*Eta seratenteh kenging nyarumsum tina obrolan Dadan Dania dan Dedi Juarsa Arifin di grup WhatsApp.





